Entri Populer

Sabtu, 26 Maret 2011

POTRÉT DIRI

Ku GODI SUWARNA


Sakecclak, sakeclak
Cikaracak lalaunan ninggang tarang
Laun-laun kalangkang  peuray ngalakay
Sumarangsang tina areuy kana ranggeuman halimun


(1)

Kacaturkeun, dina mangsa jumenengna kénéh, teu seueur Pa Popo Iskandar suargi ngalukis potrét jalmi. Réréana mah ngaréka rupi-rupi ucing wé sinareng ucing. Rupina, kituna téh jalaran seueur beurit di ieu nagri. Tah, dina hiji waktos, di taun juh puluhan ahir, sim uing ningal aya lukisan badag tur ahéng dipajang dina dingding di sanggar anjeunna; ngabolégbag, warna bodas, gading, semu kopi, tepi ka hideung. Curat-corét. Rucat-racét. Gambar nanahaon ieu? cék haté. Lebeng. Tapi da yakin lain gambar ucing. Barang disidik-sidik, cét minyak nu ucrat-acretna téh singhoréng aksara AR. Mani rapang. AR. AR. AR. Beuki teu ngarti wé. Lapur. Macan tutul lain. Hayam jago lain.    
            “Ajip Rosidi!” saur Pa Popo basa uing waléh taluk tujuh kali.
            Taaah, ti dinya mah jol bréh wé. Heueuh wé geuning, euy! Na aya belet kabina-bina! Apan étah atra naker keureutan pameunteuna najan ukur diulas-olés ku péso palet! Écés gambar kacasocana, malah potonganana ogé enya kitu pisan! Ari éta corétan nu semu méhong apan rambutna, da katara aya sari-sari jocong! Cét pulas gading kolot, boa teuing éta téh taneuh Jatiwangi, nu saé kanggé kenténg téa, matak tegar ngabelentrang, kiat kahujanan, kapanasan! Ah, teras wé sagala diwawaas, da tos kantenan ieuh éta téh gambar Kang Ajip, lain gambar ucing!
            Sim uing sok teras rus-ras mun mencrong éta lukisan.   
“Ulet Ajip mah! Kuateun ngetik dua poé dua peuting teu saré-saré!” kantos Pa Popo nyarios kitu. Anjeunna nyarios kitu téh rupina tina awahing ku hariwang duméh kagungan mantu sapertos uing, nu teu weléh nyalsé campur sareng pangedulan. Rumaos gaduh watek ngaharib-harib ka kunyuk, da puguh batan sakieu, kieu sotéh boa uing titisan wanara Galuh. Numawi anjeunna sering pisan muji-muji Kang Ajip payuneun uing. Ajip deui. Ajip waé. Dina raraga ngawuruk rupina mah, supados sim uing langkung produktip ti Kang Ajip, nu karya-karyana ngajajar dina pabukon anjeunna. 
            “Ajip mah ngetikna ukur ku dua curuk! Tapi gancang kabina-bina!” saur anjeunna dina hiji waktos. Sigana, anjeunna nyarios kitu téh pédah mun uing ngetik mung ukur kucrak-kecrék ku dua curuk bari jeung mindeng ngahulengna. Padahal cenah Kang Ajip mah bisa ngarang hiji buku ukur dina sawatara poé. Ari uing mun ngarang téh kalah resep kénéh ngalamunna batan ngadekerna, kalah ngepluk wé kawas lokomotip butut. Padahal cenah Kang Ajip mah ngarangna téh tara ngandelkeun kebul, malah anti nikotin, anti nyikopi. (Réa nu kacarékan gara-gara melenyun caket Kang Ajip. Malah Hadi AKS mah kantos dugikeun ka ngajublegna pisan kénging sawatara lami, sapertos nu kasambet, bakat ku sawan!)     
             Nya kitu, mun ngawangkong sareng Pa Popo, sok sanaos ngulon-ngétan heula, tungtungna pasti kateguh. Pasti Ajip Rosidi. Puguh wé matak ripuh ka uingna. Kalan-kalan aral sim uing téh. Tina kiloan ogé geus ganjor tuda. Kang Ajip mah keur jangkung téh kawuwuh sastrawan moyan. Uing mah apan pécékrék bari rengkung liwat saking, jaba pangarang bakalan. Anamung, sok sanaos kitu, piwuruk mahaguru bari mahamitoha alam harita piraku teu digugu, sanés? Da tangtosna ogé maksadna mah saé pisan éta téh. Hasilna? Tétéla, antawis sim uing sareng Kang Ajip bénten titistinulisna. Nu hawatos mah nya putrana Pa Popo wé nu donto téa, jikan harita, da ku uing dibawa sangsara manjang, bari sering jaheut manah ku talajak Ingkang Kunyuk.

(2)
           
Harita, teu wararantun teuing tetelepék ka Pa Popo; naha ngalukis Kang Ajip téh wiréh anjeunna kataji ku éta sastrawan tokoh, sapertos anjeunna kataji ku ucing, macan tutul, hayam jago, barong Bali, kembang srangéngé. Boa teuing palayeun digaleuh ku jinisna, da jaman harita téh Kang Ajip tos janten koléktor sohor. Tapi piraku ari dugi ka kitu onaman. Piraku deuih anjeunna ngahaja ngalukis Kang Ajip sangkan uing terus kabeledig, sangkan terus hayang kawas Kang Ajip, ngarah jaga uing ogé bakal dilukis ku anjeunna. Piraku kitu, sanés? Duka ku naha, harita bet teu wani pok nanyakeun, najan geus hayang sapok-pokeun ogé.   
            Rada mindeng ogé uing ngadon ngajanteng hareupeun éta lukisan, bari ngabanding-bandingkeun jeung foto-fotona. Da ari sareng jinisna mah tepang téh mung ukur salangkung-salangkung, mun anjeunna pareng nganjang ka Pa Popo. Teu wantun ngumpul ngariung. Beu, alalajrih teuing. Kitu wé, isin-isin ucing, ukur ngintip bari maling déngé ti patengahan. Jaba mun gugup téh uing mah kudu terus ngelepus. Mangkaning sohor poksang apan anjeunna mah. Kuriak disentak badak! Kuriak teras muriang sapertos Hadi AKS! Numawi, paling-paling wani merong teu ngiceup-ngiceup téh nya kana lukisanana wé, meungpeung moal iasaeun hojah sanajan dipuput ku haseup siong.
Bréh. Kacipta deui. Soca seukeut semu sipit. Halis kirang kumaha gomplokna Kang Ajip téh. Hanjakal kirang kumis, cék haté. Da upama kumisan mah, kantenan mun ditambih janggot kalih godégna, bakal rada siga Janté Arkidam! Malah boa langkung gagah! Bakal langkung sieup batan menir Victor Hugo, atanapi Luis Figo. Padahal, kumis sareng janggot ipis-ipis waé mah anjeunna pasti kagungan. Tangtos kirang saé éta mah upami teras diingu téh, kuriak aya nu nyangka teureuh Jenghis Khan. Nanging, asal sering diolésan ku sangray lancah maung campur lisah keletik, atanapi ku hamperu lutung nu langkung manjur, moal teu gomplok ngarombyok. Pasti gagah kacida. Yakin. Ngan, lamun palay ngarumbay sapertos janggot Rabindranath Tagoré, éta mah kedah diolésan ku hamperu Kang Hasan Wahyu Atmakusumah! Tangtos barabé! Bakal bangga urusanana sareng pihak pulisi manten mah!     

Tapi da kacasocana ogé tos ngébréhkeun réh Kang Ajip mah sanés jalmi joré-joré. Mangga, geura, sidik-sidik. Kacasoca antik. Watangna bangun didamel tina tanduk, atanapi tonggong penyu, kawas bahan sisir kerep paragi ngala kutu. Tangtos wedel nu kitu mah. Tingali potonganana. Sok sanaos sanés potongan kacasoca Mahatma Gandhi, ogé sanés nu John Lénnon, ari semet potongan Jawaharlal Néhru atawa Dalai Lama mah nya rada mémper-mémper wé. Tapi bisa jadi leuwih deukeut kana potongan kacasoca Bung Karno kétah.- Uing kungsi ningal foto Bung Karno butak dikacamata, dina Majalah Sunda asana.- Sok sanaos Kang Ajip kantos keuheul ka Bung Karno (saur Pa Popo ieu mah), ari kacasocana mah bangun-bangun rada sami. Nyeni!
 Tah, lebah kacamata ogé uing rumaos éléh wewesén. Éléh légég ku Kang Ajip. Ti bubudak tuda uing mah kabita pisan ku kacasoca bolor téh. Kabita ningal Pun Aki, Mantri Guru, harita, di lembur. Nyakola naker katénjona téh, sanajan mun pidato sok rada balélol ogé. Hayang maké kacamata kitu uing gé, da turunan mah aya apan. Ma’lum bolon, sok ngahaja ngajaran maké kacasoca indung, ngalégég hareupeun eunteung salila-lila, bari lendeng sari sebel da teu puguh téténjoan.    
Keur budak, mun maca téh sok ngahaja bari ngedeng, da saur Bapa mun kitu téh matak ruksak kana panon. Kalah ngahajakeun wé uing mah, da hayang dikacamata téa. Damar téplok dileutikan. Bacaan dipencrong teu ngiceup-ngiceup, tepi ka reumbay cimata bakat ku peurih. Taun-taun kikituan. Nanging lebeng, panon uing angger boncérét, teu kantos mineus. Taluk, wéh! Ngalaman dikacamata téh ayeuna wé sangggeus uing “meninggalkan dunia hitam” (da buuk geus huis wungkul!). Tapi da teu matak légég ieuh kacamata kieu mah. Teu kawas kacasoca Kang Ajip nu matak nambihan aura. Wirang nu aya maké kacamata kieu patut mah. Asa beuki jadi aki-aki, padahal manah uing angger nincak  juh las taun!    

(3)
           
Salah sawios daya tarik Kang Ajip numawi katingal séksi téh taya sanés iwal ti kacasocana téa, kitu ceuk pamanggih sim uing salaku penggemar kacamata bolor. Da tangtos Pa Popo gé teu sabongbrong nyorétkeun kacasoca dina lukisanana lamun teu dianggap penting. Cindekna, kacasoca téh tos dalit sareng pameunteu Kang Ajip, minangka ciri mandiri, sapertos macan sareng totolna, ucing sareng kumisna, hayam jago sareng jawérna. Alhasil, sok sanaos hiji gambar rada tebih kana siga, upami dikacasocaan, kantenan upami bari diaksaraan AR mah sadaya tangtos percanten réh éta Ajip Rosidi.    
Tah, kacasoca dina lukisan Kang Ajip kénging Pa Popo téa, mun ditelek-telek bari teras diwawaas, bet kawas lawang sakéténg ka lebeting nu buleud-buleud luhureun tenggekna. Moal samata-mata dikacamata mun tara maca. Pasti éta mah, da Kang Ajip téh sastrawan, paling copél kudu ari macaan karya sorangan mah. Jeung, da tangtu langkung ti kitu. Atuh moal samata-mata resep maca lamun teu teras napak. Cindekna, disawang tina jihad kacasocana, yakin wéh yén eusi nu buleud-buleudna ogé pasti munel.     
Nya heueuh atuh uing mah yakin kacida, da puguh ti bubudak uing resep kana seratan anjeunna nu dikumpulkeun dina buku Bébér Layar jeung Dur Panjak. Basa sakola di SMP, uing maca éta dua buku. Sok sura-seuri sorangan. Kalan-kalan ngehkey. Kagugu ku ungkara-ungkarana lebah sindir sampir ka tokoh-tokoh nu katiban kritik. Harita, ceuk uing keur budak, seratan Kang Ajip téh asa leuwih lucu batan Ha-Ha-Ha atawa Pangalaman Paramitra dina Manglé. Dibaca teu sirik dibulak-balik. Beuki gedé beuki nyerep, beuki ngarti kana eusina. Beuki kataji ku tara réa néori, tapi seukeut alahbatan lalancip curuk Janté Arkidam.            
Sanggeus ngumbara di Bandung, uing mindeng maca seratan anjeunna dina beundeulan majalah Budaya Jaya koléksi Pa Popo, sarupaning kiritikan kana skripsi-skripsi, atawa hasil panalungtikan sarjana sastra wedalan UI dina taun juh puluhan. Harita, rupina anjeunna téh sapertos ronin Musashi, nu teu weléh ngasah uteuk, ngasah pedang, teras tarung ngalawan wedalan Paguron Luhur nu nyarangking lalayang resmi Tanda Tamat Maguron. Nya kitu, Ajip Musashi teras ijén ngababad murid-murid Mahaguru Rawa Mangun. Kawas Musashi nu miguru alam, ngalawan para samurai nu kenging SIM (Serat Ijin Menyamurai) ti paguron Yoshioka. Ramé. Matak pogot macana. Asa pibu dina carita komik Vagabond kenging Inoue Takéhiko.
Sabab nyerep ti bubudak téa, lebah karatak-kiritik uing rumasa nurutan gaya anjeunna. Nyindir ku piseurieun, sugan wé nu katiban kritik bisa nyeungseurikeun dirina sorangan, apan cenah éta téh tawis séhat jiwa-raga, kitu angkanan téh. Deker ngiritik modél Kang Ajip, beuki segut sanggeus uing digawé di koran Sipatahunan. Hasilna? Uing kungsi dipilari ku Kang Dadang Sulaéman miwah para inohong lianna, pédah kumawantun ngutik-ngutik séndratari garapan Kang Enoch Atmadibrata. Na aya guligah kabina-bina tah harita. Tapi aya resepna ogé kétah. Asa janten sakadang piit nu suksés ngeundeur-ngeundeur pasir!
Béh dieu, LBSS kantos riweuh gara-gara tulisan uing di Manglé. Perkara hadiah sastra. Harita, rupi-rupi nu ngoméntar. Dipoyok tapi dilebok, kitu saur salah sawios inohong ti LBSS. Éta pédah uing ngiritik kagiatanana, ari hadiah sastrana disakuan ku uing téh. Goenawan Mohamad ogé kungsi ngiritik kana hiji acara, tapi hadiahna ditarima, kitu saur Kang Ajip dina Manglé. Na aya raos kana mamanahan! Lebah ku Kang Ajip disamikeun sareng Mas Goen mah sim uing rebéh nyéréngéh. Harita, mireng béja réh uing rék dikelakkeun. Bingah nu aya. Da saur Acép Zamzam Noor: “Karék meunang disebut pangarang tulén mun geus ngajaran dibérok!” Hanjakal, teu jadi unggah baléwatangan téh. Atuh teu cios dibérokna ogé. Hanas Acép tos ngadamel daptar besuk!         

(4)
           
Duka kumaha nasibna lukisan potrét Kang Ajip téh. Naha ditéplokan deui ku cét minyak, teras dirobih janten gambar laut, atawa dapuran awi. Da kitu geuning Pa Popo mah, sok ngarubah-robih lukisan sanajan geus jadi tur hadé ceuk uing (sotéh). Dikotéktak dina buku Perspektif Karya-Karya Popo Iskandar nu sakitu kandelna, lebeng tah tuang lukisan téh, teu aya raratanana. Nanging, boa teuing tos henang-hening, ngagantung dina dingding di Pabelan. Uing teu kungsi patepung deui jeung lukisanana. Ngampleng. Kalah mindeng tepang jeung jinisna, sanggeus uing nganjrek di Ciamis.
Harita, uing sok ngahaja ngadeuheus mun Kang Ajip pareng sindang ka bumina Kang Kis WS. di Banagara. Geus rada wani ngobrol celengkang-celengkeung. Ngan angger wé ari palebah hayang udud mah sok ngadon medal sila, nguliwed heula ka téras. Inggis kawas Hadi AKS nu kantos kabur pangacianana bari teras rada seuseut kana ngarang. Numawi, asa kurang leket uing mah mun ngobrol jeung Kang Ajip téh. Éta tuda teu bisa bari melenyun. Teu wantun. Angger paur kasenghor, sanajan sim uing ogé lebet kana kolom pendékar berdarah tinggi nu mindeng paséa jeung kasepuhan.
             Tah, dina hiji poé, kira-kira jam sapuluh beurang, uing kasumpingan ku anjeunna sakulawargi. Rurumpaheun. Saurna mah anjeunna téh mapaykeun uing ka kantor. Ari uing ngagojod kénéh di enggon. “Rék kumaha majuna Indonésia mun pagawé nagrina wayah kieu saré kénéh!” kitu saur anjeunna ti buruan. Uing tibuburanjat. Hudang. Hahah-héhéh. Ngabagéakeun. Nu pangheulana inget téh miceun calacah jeung kuntung nu ngajejel dina asbak. Ti dinya mah der ngawangkong ngalér-ngidul. Heuleut sawatara lila, karék sadar, yén salila ngobrol téh uing teu eureun-eureun ngelepus. Nanging, ahéng bin ajaib, anjeunna teu garah-geureuh. Rupina, anjeunna ogé ngama’lum, da puguh ka jalma nu nuju lulungu campur soak. Tapi teu wudu, sim uing “terkejut setelah berisitirahat” alias reuwas ka reureuhnakeun!
            Terus terang, uing reueus pisan kasumpingan ku anjeunna téh. Nya ngadon aléwoh ka Hadi AKS, pangpangna perkawis udud nu teu dicurak-carék téa. Nanging, Si Jaro teu milu bungah, kalah bangun nu ginggiapeun kénéh ku Kang Ajip. Atuh teras uing ngadongéng ka Kang Wahyu Wibisana. Agul ti dituna mah sim uing téh. “Enya, Ajip téh sohor silaturahmina. Tapi, Akang mah can kungsi kaanjangan!” kitu kira-kira saur Kang Wahyu harita. Anjeunna teras ngahuleng. Duka naon nu aya di lebet manahna. Hanjakal aya, bet agul payuneunana. Rumaos kirang paos. Tungtungna pahuleng-huleng.           
Sim uing terus ngalamun. Ngawawaas éta dua tokoh panutan. Dua inohong petingan, titisan Bujangga Manik. Dua jawara digjaya nu béda bali geusan ngajadina, béda kasangtukang kahirupanana. Nu saurang pamuk wedalan pasisir kalér. Nu saurang deui jadug bijilan gunung Galunggung. Tiasa janten bénten pasipatanana. Kalan-kalan paanggang tonggong, patukang tarang. Tapi sami-sami mikanyaah tur kiat mangaruhan budaya Sunda ku carana séwang-séwang. Kacipta mun sauyunan, bakal janten Sapasang Pedang Malaikat, kawas dina carita silat Kho Ping Ho.
            Basa uing pareng tepung deui jeung Kang Ajip, ngahaja dibalakakeun wé cariosan Kang Wahyu kitu téh. Lahlahan, bari taki-taki nganti naon nu baris tumiba. Bising uing nu ninggang di naktu apes. Tegang. Asa badé digantawang, dianggap kokolot begog. Palaur, sok sanaos tos rumaos kunyuk ogé. Harita, Kang Ajip mindel. Uing? Ngésang badag ngésang lembut, deuleu! Nyaan. Geus asa haok, asa hoak ditundung sapajodogan. Untung Ceu Empat gasik nyarios, “Enya atuh! Urang nganjang ka ditu, geura!” Plong wéh. Uing bagja nanakeran.  
Atuh heuleut sawatara lila ti harita, Kang Wahyu hariweusweus, ngawartoskeun réh Kang Ajip jaler istri  ngadon sindang ka Ciawaking. Na da éta mah uing, mani asa hayang jogéd ngaréngkénék bakating ku bungah. Ngarasa suksés jadi pasilitator kakacangan. Kacipta, Kang Wahyu moal teu ngembeng cisoca, da anjeunna mah sok sanaos socana boncérét, pangambung langkung ti bengkung, réma-rémana sagedé-gedé cau kulutuk ogé, ari manahna mah asli Rinto Harahap-an. Bingah sanés meumeueusan. Uing. Nanging, mung sakedap reueus ku diri sorangan téh, da teu lami ti harita Kang Ajip ngiritik deui Kang Wahyu dina koran. Rupina, silaturahmi teu ngawagel kana kritis. Sim uing mung ukur bisa ngaheruk.                                     
             
(5)

            Nyaan sono pisan, hoyong mencrong sakali deui mah kana lukisan potrét Kang Ayip téh, da puguh kungsi jadi batur keueung di sanggar Pa Popo, harita, jaman uing teterejel hayang diaku pangarang. Mun uing keur buntu ngarang, sok ngahaja ngadon ngajanteng hareupeun éta lukisan. Naker diri bari ngeunteung ka nu lian, kitu ti dituna mah. Nya mugi-mugi wé tuang lukisan téh sing aya kénéh di kieuna, kapimilik ku jinisna. Mugia sing ayem tengtrem, ulah cécél, ulah bocél, dipajang ngabanding sareng mangpirang-pirang lukisan karya pelukis lianna, da Kang Ajip téh cenah mah kalebet koléktor lukisan nu koléksina seueur tur saraé pisan.
“Atuda pinter Ajip mah! Mun meuli lukisan téh tara dina pembukaan paméran! Biasana sok ngurunyung lamun pelukisna keur bébérés, rék kukud paméran! Harga bisa badami! Batan dibawa balik, nya mending dijual wé sanajan hargana bisa jadi leuwih murah!” kitu saur Pa Popo, semu keuheul campur geugeut. Duka, tah, leres jeung henteuna mah. Upami lepat, saé didiskusikeun wé jaganing géto, upami pareng ngariung deui di ditu! Nanging, mun leres kitu téh sim uing mah kayungyun wé nu aya. Tiasa dipiconto ku sakumna calon koléktor. Ku kitu gé kasebat ngagaleuh kénéh. Komo uing mah, mun hayang lukisan téh cekap ku cik ah ka Acép Zamzam atawa ka Tisna Sanjaya!
Ayeuna mah Kang Ajip-na gé tos juh puluh taun, geuning. Tos janten Resi Arkidam! Wilujeng! Mugia langkung jembar manah! Tangtos bakal langkung dipencrong ku nu aranom. Saréngkak saparipolah anjeunna tangtos manjang janten bukur catur balaréa. Saréngkak saparipolah, ti kawit ronin tug dugi ka Maharesina, baris janten dongéng turun-tumurun di kalangan urang Sunda.
 Tujuh puluh! Gusti! Teu karaos ari waktos. Uing onaman duka téh teuing, yeuh! Da ti baheula ogé asa rek pondok umur baé. Nanging angger wé hirup, geuning, najan bari awét ripuh kieu gé. Ujug-ujug tos liwat lima puluh taun wéh. Tapi da ka sim uing mah taya nu haat nyieun acara lima puluhan. “Kateuteuari ngaulangtaunkeun kunyuk!” kitu saur Ceu Étty RS-PP-SS, semu geuleuh campur deudeuh ka uing téh. Nasib!
Tapi da rumaos kétah! Ari palebah dinyana mah rupina kumaha amal-amalan baé, sanés? ***      
              


Saketrok, saketrok
Cikaracak ngetrokan embun-embunan
Balungtunggal gumuruh nungtutan runtuh
Dina kujur nu nguluwut kuyumut dirungrum lukut

Tidak ada komentar:

Posting Komentar